![]() |
Karya Farah Nur kelas 8-3 |
Nulis Pangalaman
Ku : Farah Nurul Anisha
Kelas : 7-1
Basa kamari, abdi sakulawargi angkat ka bumi dulur nu tinggal
di Cianjur. Abdi sakulawargi angkat tabuh 22.00 wib peuting. Sabab,
lamun ka Puncak isuk-isuk mah bakal kena macét. Puguh wé atuh mun puncak
macétna kacida téh lieurna. Komo deui lamun geus beurang mah geus
lieur, seeul, asa hayang geura-geura nepi ka tempat tujuan.
Dina tabuh 01.00 wib isuk, abi karék nepi di bumi ambuna bapa.
Ari tos nepi bumi téh prak wé na kasur. Isuk-isuk tabuh 10 .00 wib abi
karek gugah puguh wé atuh gugahnagé kapaksa lantaran dicarekan ku nini.
cenah mun parawan hudang beurang téh bisi jauh jodoh. Padahal mah améh
bisa ngabantu nini, tuluy wé langsung mandi.
Abi sareng kaluargi téh tos lami diditu. Isuk-isuk tabuh 11.00
wib teh abi uwih deui ka bogor. Diditu abi sareng babaturan maeng ka
sawah, balong, sareng ka susukan. Meni resep téh ameng diditu. Tapiu
da..... kudu kumaha deui abdi sareng kaluargi kudu uih lantaran isukna
sakola.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar